Basa, rusiah bangsa

Indit ti Imah rebun keneh, ci ibun ge masih nyangkrung dina dangdaunan, Kuring geus diangir mandi ngarah awak karasa seger. Baju gamis hejo pamasihan Bu Ristanti basa keur kuliah di Bandung rap di pake, ledot diwedak ngarah teu herang teuing. Biasana mah haroream mandi isuk-isuk teh, ayeuna mah kapaksa da rek milu pangajian bulanan di Pasantren Suryalaya.

Clak kana angkutan pedesaan warna koneng. Baheula jaman keur sakola mah masih jarang angkutan pahareup-hareup samodel kieu. Lolobana kol diesel nu diukna ngabaris katukang. Diuk teh paembung-embung ka tukang sabab hese turun jaba tuur dukdek kana jok hareupeun. Ngan aya hiji mobil kol L300 nu jadi rebutan OSIS mangsa harita. Mang Jaka lalandian supir teh, duka saha ngarana mah nepi ka ayeuna oge lebeng teu apal. Dingaranan Mang Jaka duka kusaha mimitina, duka pedah mangsa harita usum film Jaka Tingkir? Ah…wallohualam.

“Suryalaya neng?”

“Muhun” ceuk Kuring bari memener gamis nu katincak tungtungna ku sendal. Gigireun Aya dua penumpang awewe keur uplek ngobrol. Nu tadina tara pati merhatikeun obrolan sasama penumpang, ayeuna mah rada rancung ceuli teh. Maranehna ngobrol make bahasa Inggris. Ti saprak kuring naek awewe nu baju koneng melong mani teu ngiceup ka ibu-ibu hareupeunana.

Dihenteu-henteu ge kuring teh pernah kuliah jeung bisa basa Inggris sanajan pasiv ge.

“Her dress so funny” cikikik duanana seuri ngaromongkeun ibu-ibu nu make kaos dikajerokeun, calana cutbray lusuh, tiung nu teu kaciri tapak ngistrika. Sareretan ge katohyan, manehna lain urang lembur. Obrolanana panjang sapaparat jalan dina topik nu sarua, masalah pakean rada ngaganggu oge.

Dasar budak zaman ayeuna, tara make etika jeung tata krama, samaruk kabeh penumpang teu ngarti kana obrolanana.

“Neng, teu kenging ghibah, awon” ceuk Kuring bari ngareret ku juru mata ka ibu nu make kaos. Budak dua pating kelemes. Tayohna kapanggih keur ngomongkeun.

“Punten Bu..” cenah bari leungeuna silih toel siga silih salahkeun.

*

Hanca