Fikmin #Boga Bapa #

Saha nu embung boga bapa wibawa, pada ngahormat ku sararéa. Harta loba tahta lahuta sagala kahayang dicumponan, rék balanja tinggal ménta kaditu kadieu gé moal suda.
Moal aya nu hayang boga bapa katalangsara, gawé nangkring jiga nu beunghar bari duit mah teu boga, hamo méré kabagjaan ukur bisa ngucurkeun cimata, salilana piomongéun.

“Kamana si Madum téh,” nyi Inem ngagantawang,
“Anak aing di babuk nepika ngagaleng beureum, tuh ayeuna gé keur ceurik, awas siah mun aya, diparieuskeun leungeuna.”
Bapa, aya untungna bapa teu aya, mun aya mah geus jadi sasaran amarahna tatangga. Loba budak nu dicabok, diteunggeul boh diténgkrang sukuna. Polah Bapa.
Bapa mah jiga nu apilain nalika aya tatangga ngontrog.
Kuring nyegruk dina lahunan èma, aya cai haneut maseuhan pipi, ngalembéréh baur jeung katunggara. Mun kongang mah, kajeun teu boga bapa***

Fikmin # Nu Gelo #

Ceuk saha waé hirupna susah, galayang-geuleuyeung momotoran nyi Minah téh. Baju teu weléh weuteuh jeung bisaan milih corakna nyurup kana kulitna nu konéng umyang. Isuk-isuk iang mutéan ka hilir, pasosoré dagang rangginang jeung kadaharan barudak, nguliyéng ka wétankeun. Jauh pisan jeung salakina, saukur nguseup di wahangan, ngadedeluk ti rébun kénéh sakapeung buburuh manggul kitu gé mun aya nu nitah. Pangedulan. Palias pamajikanana kakocap tukang begér.

Geuleuyeung motor ka hilirkeun, teu lila jébul deui bari panonna ngarérét kuring nu rék indit gawé dijajap ku salaki.
Salaki tonggoy nyelah motor kuring mah mérhatikeun nu lalar liwat.
Geus tilu balikan.
“Kang, nu gelo hayang ditanya,” kuring ngagorowok nepika manéhna ngalieuk, motorna ampir ngagaléong. Bareureum beungeut!***

Kembang taraté

Fikmin

Leumpang jalan liliwatan, mangsa taraté masih kuncup. Gesruk-gesruk suku nu dibeungbeuratan panyakit gula ngalengkah nyiar kipayah ngandelkeun asih piwélas. Anjog ka ambahan pakarangan tatangga, nyanghunjar ngalempèngkeun tuur, ngarahuh ngaleupas bangbaluh haté. Panas mah geus teu dirasa, baju basajan jadi papaes cindung geus teu puguh rupa da puguh euweuh nu ngaropéa.
Salaki dijieun babu, kumaha deui. Lieuk euweuh ragap taya boa aya nu maliré. Budak kaléléban jadi uruseun sararéa. Ayeuna, suku juuh ku nanah sabada kabanjur cai panas. “Gusti na hirup waé atuh abdi teh,” ngoceak geus teu kawawa.

Ayeuna dunga ngajadi nyata, diri ngababatang jadi bugang. Ukur keclak cimata juuh di luhur kembang taraté anu ligar kasimbeuh hujan. Taneuh ledug, barudak pating kocéak nyakséni anjeun kaditu kadieu néangan éma, sarung nyampay dina taktak bari awak mah buligir. Hampura éma, kasép.***